Informasi

Novel Raden Pamanah Rasa bisa dipesan langsung SMS/WA ke 081310860817 Tafsir Wangsit Siliwangi bisa dipesan langsung SMS/WA 081310860817

Kamis, 21 April 2016

TUKANG SALAK

Diropea ku : E. Rokajat Asura

Ceuk beja di Pasar Baru Bandung.  Aya tilu urang tukang dagang nu rada wangkelang. Tukang cau, tukang salak jeung tukang kadu cenah. Pokona tiluanana siga nu geus saengko, resep pisan ucing sumput jeung petugas Tibum. Mun petugas mariksa, tiluanana ngabalicet ngaleungit teuing kamana. Mun euweuh Tibum, kasampak geus dadasar deui. Tapi dina hiji poe mah sial. Tiluanana kacerek. Beunang siah, ceuk Tibum suka. Tukang dagang teh tiluanana ngahuleng. Tapi teu bisa majarkumaha, tiluanana pasrah dibawa ka kantor. Singkatna carita, tiluanana diadili. Dipariksa. Mimiti dipenta dengda, tapi tiluanana kalahka ranggah. Pun bae cenah, kapan dagangna ge nembe pisan dadasar. Kumaha lamun diberok ? Waduh, sing hawatos bapa cenah. Lamun diberok mah kumaha anak pamajikan cenah. Tiluanana ngalengis menta panangtayungan.
“Nya teu nanaon ari teu sanggup mah. Silaing bisa bebas, asal daek nyumponan sarat ti dewek !” ceuk petugas Tibum rada heuras. Malum ngarana oge Tibum. Leuleus liat mah kuriak teuing disangka bencong.
“Naon saratna teh, kulan ?” ceuk tukang cau.
“Cokot cau tah hiji, terus asupkeun kana liang bujur !”
Bari ngahuleng tapi ahirna dilakonan. Rada enteng cenah. Ngan porosot tukang cau morosotkeun calana, bles … cau teh diasupkeun. Rada nyengir tapi teu dirasa.
“Cukup ! Silaing kaluar !” ceuk petugas. Salamet. Tukang cau kaluar bari nyerengeh. Giliran tukang salak. Katinggali hemar-hemir. Salak tea cucukan. Rungseb cenah. Tapi lakadala. Daripada kudu diberok, matak wirang. Ieu mah nyeri ge ngan karasa ku sorangan. Teu antaparah belesek … goak … manehna ngagoak. Peurih jeung nyeri. Tapi bari cirambay manehna ngareret ka sobatna tukang kadu. Da eta mah nu tadina cirambay teh, dadak sakala ngan … barakatak manehna seuri bangun nimat nakeranan. Puguh bae petugas aneheun, disangkana tukang salak teh sawan.
“Kunaon silaing ? Nyeri ?”
“Puguh pisan nyeri mah.”
“Tapi kunaon make jeung seuri ?”
“Ah, bapa, nyeri-nyeri ge salak mah ngan sagede kieu. Bisa dipaksakeun. Abdi mah seuri soteh teu kabayang, kumaha nasibna tukang duren. Duren mah jaba ti cucukan teh kapan paling leutik ge sagede sirah budak.”
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar