Diropea ku : E. Rokajat Asura
Urang Yahudi beunghar kacida. Eta Yahudi teh sapopoena dagang kacamata. Hiji poe manehna ngobrol jeung anakna nu cikal. Basana teh, bapa teh geus kolot. Geus meujeuhna reureuh. Tah ayeuna sigana hidep geus bisa ngokolakeun ieu toko. Dikitukeun ku bapana, budak teh atoh teu atoh. Ninggali anakna ngahuleng, bapana nyarita deui bangun anu geus surti. Geus bisa ngaragap hate nu jadi anak.
“Aya hiji rusiah nu matak urang bisa maju.”
“Cing kumaha, Pa ?!”
“Lamun ngaladangan nu meuli komo langganan, kade sing darehdeh. Lamun beres mariksa jeung geus manggihan gagang kacamata nu cocok, bejakeun hargana. Saratus rebu misalna. Lamun langganan teh katinggalina kerung, gancang caritakeun. Kanggo salira mah, tiasa kirang kituh.”
“Lamun teu kerung kumaha ?”
“Hartina langganan teh cocok hargana. Nu matak samemeh mayar, gancang susul tepus. Sakitu teh harga kacana wungkul. Gagangna mah acan. Lamun masih keneh teu kerung, gancang susul deui. Eta teh nembe sabeulah kituh !”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar