Diropea ku : E. Rokajat Asura
Ngarana ge profesor. Anu paling gampang nginget-ngingetna mah nyaeta : botak jeung pohoan. Nu matak profesor Lam Sie Zhan mah rumasa pisan. Rumasa pohoan. Kamana-mana tara elat ti mawa catetan. Rek dahar, mandi, ka kantor, lalajo televisi, malah rek sare tara poho ti mawa catetan. Kocap hiji poe manehna nyieun panalungtikan di pante Kuta. Rek nalungtik kabiasaan-kabiasaan turis. Sajeroning nalungtik, waktuna mandi kapaksa profesor kudu mandi di pemandian umum. Nya der bae mandi. Waktu dijero kamar mandi, profesor Lam Sie Zhan nyatet sagala rupa nu dibawana. Sikat gigi, dicatet. Odol, sabun, anduk, sagala rupana dicatet. Beres cutat-catet, gebrus mandi. Heuleut sawatara waktu beres mandi. Sieun aya barang katinggaleun, nya catetan the dibawa deui. Odol, sabun, sikat, dikumpulkeun. Kolor aya cenah, bari disampaykeun dina taktak. Anduk aya, kaos aya, baju aya, kabehanana disampaykeun dina taktak. Geus yakin euweuh anu tinggaleun, gandeuang profesor kaluar ti kamar mandi. Tapi sajajalan ngarasa aneh, unggal tepung jeung nu ngaliwat ngan pating balieur bae. Rumasa aya nu teu beres, profesor mariksa catetanana. Kakara sadar sihoreng barang-barang the disampaykeun kabeh dina taktak. Ari ka handap … bubulucunan !
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar